Minggu, 05 Januari 2014

Pidato Perpisahan Kelas 3 SMP/SMA dalam Bahasa Sunda

Assalamualaikum Wr. Wb

Langkung ti payun urang nyanggakeun puji syukur ka Allah swt anu parantos maparin ni’mat sareng hidayah ku urang sadayana dugi ka tiasa patepang silaturahmi dina ku antara perpisahan kelas IX (salapan).

Salawat sareng salam urang dugikeun ka kanjeng Nabi Muhammad saw. Ka kula wargina, para sahabatna, sareng ka jalmi anu saroleh. Mugi-mugi urang kalebet umat anu kenging syafaat dina poe kiamah, amin yarabbal alamin.

Hatur sewu nuhun ka Ibu miwah Bapak Guru, kalih hadirin sadayana anu parantos kersa sumping ngahadirin ieu acara.

Simkuring ngadeg di dieu salaku wawakil ti kelas IX (salapan), anu sakedap deui ngatun keun ieu sakolah.

Jalaran kitu dina ieu kasempatan pamungkas, simkuring hoyong ngadugikeun hatur sewa nuhun kana kasaean sareng ka ikhlasan Ibu miwah Bapak Guru, anu parantos maparin elmu sareng ngadidik simkuring saparakanca salami 3 (tilu) taun.

Mugi-mugi bae eta kasaean Ibu miwah Bapak Guru kenging nganjara anu ageng ti Allah swt, amin yarabbal alamin.

Teu hilap simkuring nyuhunkeun di hapunteun ku Ibu miwah Bapak Guru, bilih aya kalepatan sareng tingkah laku anu teu sae salami 3 (tilu) taun diajar di ieu sakolah.

Rupina sakitu anu kapihatur. Hapunten bilih aya basa atawa tatakrama anu kirang marenah.

Wassalamualaikum Wr. Wb

Terima kasih sudah membaca ^^


Tidak ada komentar:

Posting Komentar